Sabtu, 23 April 2016

Dakwah: “Jalma teh Tempatna Salah jeung Poho”


الانسان محلّ الخطاء

Jalma teh tempatna salah jeung poho”
oleh:

Yukeu Nopiyanti; XII.IPA-B

Jalma anu ngabogaan dosa, hakekatna butuh maghfiroh atawa panghampura ti Allah. Ku sabab kitu, Allah SWT masihan kautamaan jeung kanyaah ka hamba-hamba na ku cara nyampurnakeun amalan-amalan sangkan bisa ngagugurkeun dosa salian ti taubat. Diantawisna:
  1. Nyampurnakeun wudhu tuluy angkat ka masjid

Wudhu teh mangrupikeun salahsahiji sarat sah shalat. Hartina, sadaya jalma muslim anu bade ngalaksanakeun shalat, kudu ngagaduhan wudhu.
Rasulullah SAW ngadawuh: “Lamun seug hiji jalma wudhu tuluy nyampurnakeun wudhuna tuluy indit ka masjid ku niat rek ngalaksanakeun shalat, mangka tiap lengkahna ku Allah baris di angkat darajatna jeung dihapus dosana.” (HR. Tirmidzi)

      2. Shaum Arofah jeung Asyuro

Shaum arofah teh nyaeta shaum anu dilaksanakeun nalika umat islam anu nuju ibadah haji nuju ngalaksanakeun qurban, nyaeta dina ping 9 Dzulhijjah. Shaum arofah teh seueur kautamiannana. Salahsahijina nyaeta tiasa ngagugurkeun dosa.
Shaum Asyuro nu kaduana, nyaeta shaum anu dilaksanakeun dina ping 10 Muharram. Rasulullah SAW ngadawuh: “Shaum Arofah kaula miharep ridho ti Allah jeung ngahapus dosa sataun saacan taun ayeuna lajeng sataun saenggeus taun ayeuna.” (HR. Tirmidzi)

      3. Shalat Taraweh di bulan Ramadhan

Rasulullah SAW ngadawuh: “Sing saha wae anu ngalaksanakeun Ramadhan (shalat taraweh) ku kaimanan jeung miharep pahala ti Allah mangka bakal dihampura dosa-dosana anu tipayun.” (HR. Bukhari-Muslim)

      4. Haji nu Mabrur

Ibadah haji teh mangrupikeun rukun islam anu ka 5, kanggo sadaya mu’min anu mampu, boh finansialna boh fisikna.
Rasulullah SAW ngadawuh: “Sing saha anu ngalaksanakeun ibadah haji, teras henteu ngucapkeun cariosan anu keji jeung midamel kapasekan mangka anjeunna sapertos budak / orok anu karek dilahirkeun (uih deui kanu kaayaan suci).” (HR. Bukhari)

      5. Ngumandangkeun adzan

Rasulullah SAW ngadawuh: “Hiji Mu’adzin bakal dihampura dosana sapanjang gema sorana.” (HR. Ahmad, dishohihkeun ku Albani dina shahih Al-Jaami’)

      6. Shalat wengi (Tahajjud)

Tahajjud teh mangrupikeun ibadah anu sering dilaksanakeun ku Rasulullah diantara shalatna. Shalat Tahajjud oge mangrupikeun waktu anu loba rahmatna ti Allah, sabab urang memelaan hudang nalika batur nuju raraosna kulem. Tah eta anu jadi ganjaran di payuneun Allah SWT.

Rasulullah SAW ngadawuh: “Prak aranjeun gera Shalaatul-Lail sabab Shalaatul-Lail teh mangrupakeun kabiasaan jalma sholeh saacan aranjeun (Rasulullah, jeung (Shalaatul-Lail teh) amalan anu bisa ngadeukeutkeun anjeun ka Rabb aranjeun, sarta ngahapus tina kasalahan-kasalahan sarta ngajauhkeun urang tina dosa-dosa.” (HR. Al-Haakim, dishohihkeun ku Al-Albani dina riwayat Al-Ghalil).

Dicekapkeun wae mung sakieu, saleresna seueur keneh amalan-amalan anu tiasa ngagugurkeun dosa, anu sapalihna deui insyaa Allah di dugikeun kangge kasempetan Khutbah dina waktos anu kapayun.

Mung sakitu anu tiasa kapihatur, haturnuhun kana perhatosannana, aakhirul kalaam, Rabbanaa aatinaa fid-dunyaa hasanah wa fil-aakhirati hasanah wa qinaa ‘adzaaban-naar.


Wassalam wr. Wb.

0 komentar:

Posting Komentar