Minggu, 29 Mei 2016

Dakwah: "ADAB"

"ADAB"
Oleh:
Melliana Fatimah; X.C

Inna hamdalillah nahmaduhu wanastainuhu wanas tagfiru wanaudzubullah hi minsururi waanfusina wamin sayiati amalina mayah dilah fala mudhilalah wa yudhil falah hadialah.
Ashadualailllaha illallah wa ashaduanna muhammadan abduhu warasulu aladzilana bisa bada ama badu . faqolallahutaala filquranilqarim.
اعود باالله من السيطانرجيم
فَلَمَّا أَتَاهَا نُودِيَ يَا مُوسَى (١١)
 إِنِّي أَنَا رَبُّكَ فَاخْلَعْ نَعْلَيْكَ إِنَّكَ بِالْوَادِ الْمُقَدَّسِ طُوًى (١٢)
 وَأَنَا اخْتَرْتُكَ فَاسْتَمِعْ لِمَا يُوح
٣)إِنَّنِي أَنَا اللَّهُ لا إِلَهَ إِلا أَنَا فَاعْبُدْنِي وَأَقِمِ الصَّلاةَ لِذِكْرِي (١٤)
Teu aya alesan kanggo urang sadaya teu syukur ka Allah . Ku inayah sareng karidhoan Na urang sadaya tiasa keneh ninggal, ngadangu oge nafas ditempat nu InsyaAllah oge diridhoan ku Anjeuna. Kanggo saling ngingetan ku kabeneran.
Adab yaeta salah sahiji ti contoh akhlaq islami, kitu oge sareng elmu . kadua hal eta oge mangrupakeun salah sahiji ciri jalma muslim nu taat .
Elmu sareng adab teh henteu tiasa dipisahkeun, jalma nu nutut elmu sapertos urang sadaya kudu atawa wajib ngagaduhan adab nu sae, bob na adab ka guru , adab ka buku nu dibaca ,adab ka rerencangan oge adab tingkahlaku sareng paripolah urang sadaya. Sadaya diatur sacara sampurna di agama Islam Rahmatan Lilalamin.
Aya hiji carita , dihiji waktos ibu na Imam Malik nyarios ka Imam Malik nu pada waktos eta teh anjeuna, Imam Malik teh masih keneh alit ,  sawaktu Imam Malik bade angkat ka guru na. Apa yang ibu Imam Malik carioskeun? Ibu Imam Malik teu nyarios ka Imam Malik " Diajar elmu nu seeur - seeur supaya anjeun janten ulam"
Tapi ibu Imam Malik nyarios " candak ku anjeun adab sateuacan anjeun nyandak elmu ti guru anjeun ."
Adab kudu dipiheulakeun dari pada elmu kusabab ku urang ngagaduhan adab urang sadaya tiasa meunangkeun elmu.
Janten tina carita tadi ternyata cariosan ibu na Imam Malik  nyaeta praktek ti Firman Allah ta'ala nu diawal atos dibacakeun. Eta teh nyaeta surat Thaha ayat 11 dugi ka ayat 14 nu hartos na:
"Mak diwaktu maneh na ngadatangan (katempat seuneu eta) maneh na digeroan "wahai Musa!. Saestuna , Kuring teh Tuhan maneh , maka culkeun eta kadua tarompah (sendal) anjeun . kusabab anjeun teh aya di lembah anu suci ,tuwa. Jeung Kuring geus milih anjeung , maka dengekeun naon nu rek diwahyukeun (kaanjeun). Saestuna kuring ieu Allah eweuh deui Tuhan salain Kuring ,maka sembahlah Kuring jeung laksanakeun shalat jang inget Kakuring "
Tos jelas , tilebet Q.S Thaha ayat 12 sateuacan narima wahyu , Allah ta'ala ngingetkeun Nabi Musa AS perkawios hiji adab, muka alas kaki dilembah suci Thulwa . Sareng ieu contoh adab satu acan elmu.
Pinter wungkul teu cekap tapi kudu dibarengan sareng adab  . kumargi adab teh leres- leres penting pisan tilebet islam mah dugi -dugi para ulama ngadamel kitab kitab khusus kanggo nyusun hadist Nabi SWA perkawis adab.
Salah sawios  conto adab nyaeta adab ngadoa , adab milarian elmu, ada ngaca, adab , kaluar oge kalebet mesjid  sareng adab adab sanes na nu tos dicontoan ku Nabi sareng anu tos di atur ku Allah.
Ayeuna ngan aya hiji pertarosan " atos teu acan urang sadaya ngagaduhan adab? Waleran na aya di diri anjeun sadaya.
Adab eta bagian tinu akhlaq sareng akhlaq eta  munculkeun kumargi kabiasaan . Janten biasakeun diri urang sadaya kanggo beradab.
Panginten dicukupkeun sakieu nu tiasa didugikeun ku abdi , hapunten anu kasuhun tina kalepatan kalepatan abdi ngadugikeun cariosan biru. Ditutup wae ku du'a .

0 komentar:

Posting Komentar