Minggu, 29 Mei 2016

Dakwah: "Ciri-ciri Jahiliyyah"

"Ciri - ciri Jahiliyah"
Oleh:
Ajeng Rahmawati; XI.C

Urang sadaya tangtos sering pisan nguping atawa ngucapkeun kecap “Jahiliyah” pang-pangna nalika urang sadaya nuju ngabandungan khutbah atawa ceramah kaagamaan. Ayeuna sim kuring bade medar hal-hal anu aya patalina sareng “Jahiliyah” ngahaja, sangkan lewih eces, sahingga urang tiasa langkung paham nu kumaha ari “Jahiliyah” teh. Ulah ngan saukur apal ngaran, teu apal di rupa.
Nyakitu deui jalma anu teu apal kana rupa jeung ciri-ciri “Jahiliyah” kamungkinan bae tiasa dibobodo atawa ditipu kunu sajen. Puguh-puguh ieu teh padamelan jahiliyah, lantaran teu apal tea, malah dianggap ajaran islam. Atawa mungkin bae sabalikna, puguh ieu teh ajaran islam anu bener, malah dituduh “Jahiliyah”. Kulantaran kitu, urang sadaya rupina wajib apal ciri-ciri “Jahiliyah”, sangkan urang teh teu kaliru, sarta teu pahili nampi.
Ari ciri-ciri “Jahiliyah” teh kacida pisan seeurna, mung dna denget ayeuna mah sim kuring bade ngabantun sabagian cirina bae. Sok sanaos teu di uningakeun sadayan tangtos urang sadaya bakal tiasa keneh ngabedakeun mana jahiliyah jeung mana islam. Anu bade di uningakeun teh kaetang ciri nu kacida pisan nongerakna, aya balatak di sabundeureun urang, malah sakapeung mah urang ge migawe, sok sanajan teu ngahaja. Atawa mungkin bae urang nempo eta ciri-ciri jahiliyah ayana di batur, tapi ku urang teu digeunggeureuhkeun, margi teu apal tea.
Ciri jahiliyah nu kahiji, nyaeta, midua kayakinan dina ibadah ka Alloh SWT. Sakumaha Alloh ngadawuh dina Surat Yunus ayat ka 18, anu hartosna :
“Maranehna aribadah ka salian ti Alloh, nyaeta barang anu teu bisa mere madorot jeung manfaatka maranehna sorangan. Jeung maranehna ngomong, “tah ieu teh nu nulungan ka urang sadaya di payuneun Alloh”.
Teras dina surat Az Zumar ayat 3 Alloh netelakeun karep maranehna dina ngaibadahan barang-barang nu paraeh, teu bisa mere kahuripan jeung kahirupan ka maranehna. Anu hartosna :
“ Jeung ari jalma-jalma nu nyarieun “auliya” salian ti Alloh sabenerna maranehna teu nyarembah kana eta berhala, tapi supaya eta berhala anu di sembah teh, bisa ngedeukeutkeun ka Alloh pikeun maranehna.”
Tina dua ayat diluhur, tetela pisan yen jalma jahiliyah teh geuning sok ibadah, masih boga rasa dirina loba kakurang tur kalemah. Ngan hanjakal bae, ibadahna teu bener, nurutkeun ajaran Alloh SWT. Maranehna ngajadikeun barang paeh, kuburan jalma sholeh “terminal” sangkan ibadahna mah ka Alloh ngan teu langsung.
Numutkeun kayakinan ahli sunnah mah cara ibadah kitu teh kacida pisan dipandang ngacona. Jeung kacida pisan ditolakna ku Rasul, nu sakabeh rosul ngajarkrun umatna kudu ibadah ka Alloh kalawan langsung, sing saha anu migawe kitu (nyieun wasilah kanu geus maot) mangka Alloh geus ngaharamkeun pikeun eta jalma surg, jeung eta jalma tempat cicingna di naraka.
Ciri jahiliyah anu kadua, nyaeta,misah-misahkeun agama. Ajaran agama, tegesna ajaran Alloh nyaeta Islam nu teu bisa di pisah-pisah jeung di beda-beda, estu hiji ti awal nepi akhir. Tapi ku jalma nu ngabogaan watak jahiliyah, eta agama nu hiji teh di tarekahan sangkan papisah tina beungkeutannana. Di jaman kiwari mah ciri jahiliyah ieu bisa disebut “sekuler” nyaeta ajaran anu misahkeun atawa ngabeda-beda ajaran islam. Sahingga umat islam teu bisa cicing ajeg dina hiji aqidah atawa dina hiji praktek ibadah.
Urang sadaya tiasa ngabandungan dina jaman kiwari, hese ngabedakeunnana mana muslim jeung mana lain muslim, nalika aya di masjid keur nggabandungan ceramah agama, katempo siga islamna teh. Tapi, dimana geus bubar dina acara sarupa kitu,islamna teh geus teu kaciri deui, kabur jeung lebur duk kamana jigna. Sangkan kayakinannana teu pasti deui kana islam, islam cukup bae di masjid, dipangajian, tapi di tempat-tempat lain mah teu perlu islam. Alloh ngadaawuh dina surat Asy-Syuro ayat ka 13, anu hartosna :
“Alloh parantos nyareatkeun pikeun aranjeun agama, nu kieu agama teh tos diwasiatkeun ka Nuh, jeun nu kitu deui diwahyukeun ka anjeun Muhammad eta oge geus diwasiatkeun ku kami ka Ibrohim, Musa, jeung Isa. Kusabab kitu, aranjeun kudu caricing dina ieu agama jeung omat aranjeun ulah papisahan dina eta agama”.
Ciri katilu, nyaeta, ngabogaan sifat “kaleulewihi” dina agama. Tegesna ngabogaan anggapan, mun migawe hiji pagawean terus ngaleuwihan kana eta pagawean, mangka tangtu bakal meunang ganjaran, minangka emboh tina gawe nu dileuwihan tea. Saperti nganggap ka saurang syekh atawa imam nu pasti salilana bener, moal salah-salah. Sahingga sagala naon nu difatwakeun ku imam estu dirawu dipengku, kalawan teu make panyaring deui. Malah sakapeung mah anggapan ka imam nu mustahil salah teh leuwih ka nabi. Nu akhirna, ka nabi mah poho, ari ka imam jeung ka syekh mah sagala ucapan jeung pagawean katut rengkakna teh dijadikeun sunnah. Alloh ngadawuh dina Al-qur’an anu hartosna :
“ Hei ahlul kitab aranjeun ulah keleuleuwihi dina agama aranjeun jeung aranjeun ulah ngomong jijieunan ka Alloh, kajaba omongan nu haq”.
Tilu ciri jahiliyah diluhur upami urang merhatikeun masih keneh loba dikalangan umat nu ngaku muslim u masih keneh kakeunaan ciri jahiliyah ieu. Diantarana bae, masih keneh aya umat islamnu ngahaja datang ka kuburan jalma-jalma anu saroleh, terus menta ka eta kubur kalawan khusyu padahal eta teh pagawean anu dikutuk ku Rasul, terus masih keneh loba di kalangan umat islam nu can bisa ngamalkeun ajaran islam kalawan sapuratina. Tegesna masih keneh sapotong-sapotong. Di masjid katempo muslimna, ari di pasar mah leungit deui muslim na teh. Nya kitu deui nu katilu, teu sepi dikalangan umat islam nu ngabogaan sikap kaleuleuwihi dina agama, nganggap wali, imam jeung syekh minangka ka jalma nu mustahil salah.
Upami ku urang di lenyepan, geuningan masih keneh loba omeaneun teh, masih loba lempengkeunneun di kalangan urang teh. Tapi sok sanajan bari kitu, urang teu kudu putus asa. Hayu urang babarengan ngajarkeun, ngamalkeun jeung ngabrehkeun ajaran islam nu sayakti. Mudah-mudahan Alloh SWT maparin lindungan ka urang sadaya

0 komentar:

Posting Komentar