Minggu, 29 Mei 2016

Dakwah: "Tawekal ka Gusti Allah"

"Tawekal ka gusti Allah"
Oleh:
Nadya Nabila; XI.B

Innalhamdalillah nahmaduhu wanastaimuhu wanastagfiruh wana udzubilahi min syururi anfusina wamin sayiatu `amalina mayahdilah pala mudilalah wama yudhil palah hadialah. Asyhadu an la ilaha illallahu wahdahu la syarikalah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warrasulluh.
Alhamdulillah puji sinareng syukur urang panjatkeun ka gusti Allah nu mana ku rahmat sareng inayahna urang sadaya tiasa patepang deui di ieu tempat nu insya Allah di diberkahan ku anjeunna.
Rekan rg ug sadaya
Dina enggoning ngajalankeun usaha pikeun nyumponan pangabutuh atawa nyingkahan sadaya anu henteu dipikaresep ku urang, sakapeung mah sok ngalaman kagaglan. Dimana eta usaha teh ngahasilkeun kauntungan sapalih jalma sok hilap kana purwadiksina, jadi adigung, kumulungkung tapi sawangsulna upami eta usaha teh gagal, sapalih jalmi sok dugi ka aral , malah sok aya anu tega nelasan maneh atawa sakurang kurangna matak gering ngalanglayung. Tah eta peta kitu teh akibat tina sabab batinna kosong tina tauhid, tawekal ka gusti allah.
Rekan rg ug sadaya
Ari jalma anu tawekal teh, nyaeta jalama anu usaha bari dumasar kanu hasil pamikiran anu sampurna sarta prak metakeunnana kalawan sakumaha tanagana, bari terus pasrah ka allah dina hasil na. Margi ngagaduhan kayakinan, yen allah uninga kana pibalukareun, pimaslahatateun atawa henteuna. Cara kieu teh dumasar kana pidawuh allah dina al qur`an nu hartosna“di mana andika ngamaksud migawe hiji perkara, mangka kudu tawekal ka allah, saestuna allah mikacinta ka jalma jalma anu tarawekal.”(ali imran 159)
Rekan rg ug sadaya
Ieu ayat diturunkeun ku allah nalika nabi muhammad saw sareng para sahabat kagungan maksud bade ngayakeun serangan ka pihak musuh sabada mantena sareng para sahabat ngayakeun persiapan sarta musyawarah dina ngatur siasatna.
Ngeunaan tefsir ieu ayat diterangkeun dina tafsir ruhul bayan juz II kaca 116 sareng tafsir al jamal juz I kaca 330, yen ieu ayat teh ngandung hartos, yen tawekal teh sanes cicing wae henteu usaha atawa ikhtiar sakumaha anggapan jalma jalma anu barodo, lamun kitu tinangtu patukang tonggong jeung parentah musyawarah anu di dawuhkeu ku allah samemeh ieu ayat, tapi ari tawekal teh nyaeta jalma kudu ngayakeun usaha atawa ikhtiar anu nyata, tegesna rasional sarta hatena henteu umangkeuh kana eta usahana, tapi kudu umangkeuh kana katangtuan ti gusti allah, zat anu maha uninga kana pimaslahateun jeung pimafsadateunna.
Nurut keun kasaur ulama ari tawekal teh nyaeta masrahkeun kaputusan hasil usaha urang ka gusti allah jeung umangkeuh kana katangtuannana. Sareng kasaur ulama sanesna ari tawekal teh nyaeta henteu umangkeuh atawa tetegenan kana kakuatan atawa kasanggupan salian ti allah (tegesna ka makhluk-na).
Rekan rg ug sadaya
Dumasar kana dalil dalil sareng katerangan kasebut ringkasna kieu urang sadaya ngagaduhan dua kawajiban, kahiji kaajiban ikhtiar ngagunakeun akal pikiran katut jiwa raga urang, kaduana hate urang kedah umangkeuh atawa tetegenan kana kakawasaan allah wungkul. Sakumaha carios ulama: “jalma teh kawajibanna usaha, allah anu nangtukeun hasilna.” Tah kitu cepengan sakur jalma anu mu`min mah, benten sareng jalma kafir. Jalma kafirmah tetegennana kana usaha sorangan.
Rekan rg ug sadaya
Saestuna tawekal teh salah sahiji pagawean anu kalintang seueur hikmahna sapertos dina dawuh allah dina surat ath tholaq ayat 3 anu hartosna“sing saha jalma anu tawekal ka allah tinangtu allah nyukupan pangabutuhna. Saestuna gusti allah ngalaksanakeun kana urusan-Na. Satemenna gusti allah parantos ngadamel katangtuan kan asagala perkara.”
Ieu ayat ngandung hartos anu rupi-rupi, di antarana, nyaeta sakumaha anu diterangkeun dina tafsir ruhul bayan juz 10 kaca 33 maksudna kieu:
Ciri jalam tawekal, nyaeta tenang hatena nalika sagala aya sareng nalika sagala teu aya, margi kumandel kana takdir sareng kamurahan allah.
Allah bakal nyukupan kana pangabutuh jalam tawekal didunya jeung diakherat.
Ayana tawekal teh saba`da usaha atawa ikhtiar dina urusankahirupan, saperti tawekalna patani sabada nancebkeun atawa meulakeun pepelakan dina taneuh.
Sing saha anu tawekal sabada ngayakeun usaha, Allah bakal ngalebur kana dosana sareng maparin ganjaran anu agung jaga di akheratna.
Rekan rg ug sadaya
Peryogi kauninga, yen cara ngalakonan tawekal anu kasebut tadi nisbat ka jalma anu masih keneh kuat ngayakeun ikhtiar. Anapon nisbat ka jalma heunteu tiasa ngalakonan ikhtiar kumargi kaayaan dinu bahaya anu luar biasa, cukup kungagaduhan pamadegan sareng pananggeuhan kana kamurahan sareng kakawasaan allah wae, tinangtu Allah bakal nulungan. Sakumaha pidawuh nabi muhammad saw ka sahabat auf bin malik `asyja`i nalika putrana ditawan musuh, kawuwuh ku teu aya jalan kanggo ngabelana, kieu dawuhanana teh:
اِتَّقِ اللهَ وَاصْبِرْ وَاَمُرُكَ وَاِيَّاهَا أَنْ تَسْتَكْثِرَمِنْ قَوْلِ لاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ فَعَادَ إِلَى بَيْتِهِ
“anjeun kudu takwa ka gusti allah, kudu sabar, jeung kaula merentah ka anjeun jeung ka pamajikan anjeun kudu ngaloba keun maca laahaula walaa kuwwata illaa billaah, sing loba pisan hasilna, heunteu sabaraha lami ti harita anak auf bin malik tiasa wabgsul kalawan salamet, tiasa lolos tina tawanan.” (tina tafsir aljamal juz IV kaca 358)
Sareng diriwayatkeun ku hasan ti imron bin hashin, saurna nabi muhammad saw kantos ngadawuh:
مَنِ انْقَطَعَ إِلَى اللهُ كُلَّ مُؤْنَةٍ وَرَزَقَهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُ
“sing saha jalma anu ngalesotkeun tetegenan hatena ti makhluk ngan ditujukeun, tegesna muntang ka allah hungkul, mangka gusti allah tangtu nyukupan sakabeh pangabutuhna atawakahayangna jeung maparin rejeki kujalan anu henteu disangka sangka ku manehna.” (tafsir al jamal juz IV kaca 358)
Rekan rg ug sadaya
urang sadaya salaku kaum muslimin kade ulah kabita ku usahana sawatara kaum kafir anu sukses sahingga tiasa ngahontal cita citana, margi ku kaadilan allah swt. Ka para hambana sanaos kafir oge, dina kahirupan di dunya mah dipasihan kalonggaran ngaraoskeun kanikmatan anu sakedap, sabada numplekkeun tanaga katut pikiran dina usahana, sedengkeun di akheratna bakal langgeng di jero naraka. Sakumaha dawuhan allah swt nu hartosna“jeung jalma anu kafir oge ku kaula dibere kasenangan sakeudeung(sawaktu hirupna di dunya), terus jagana kaula maksa maranehannana ngalakonan siksa naraka, tempat balik anu pangcilakana.” (al baqarah 126)
Akhirna mangga urang ronjatkeun katakwaan ka gusti allah bari ngantunkeun cegahannana sangkan urang sadaya bagja dunya akherat.
Sakitu anu tiasa kadugikeun hapunteun bilih seeur kalepatan dina ngadungikeunna akhirul kalam rabbana atina fiddunya hasanah wafil akhirati hasanah wakina adzabannar.
Wassalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

0 komentar:

Posting Komentar