Senin, 30 Mei 2016

Dakwah: "Hak-hak Awewe"

"HAK-HAK AWEWE"
Oleh:
Nadya Nabila; XI.B

Aya anu boga anggapan ajaran islam teh teu adil, dina hal kalungguhan atawa hak-hak kaum awewe. Maranehna teu ngarti naon sababna islam netepkeun waris keur lalaki leuwih gede batan awewe. Dina nutupan orat, awewe leuwih buni batan lalaki, ieu dianggap yen islam teh teu adil.
Samemehna urang kedah terang kumaha sabenerna islam ka kaum awewe, langkung ti payun urang kedah terang heula kumaha kalungguhan awewe di luar islam. Sapertos di agama Hammurabi di Babilonia ngaboga anggapan awewe teh mangrupakeun hewan piaraan anu jadi milik hiji jalma dimana anu bogana bebas pikeun lumaku sakahayangna. Di lingkungan masyarakat Yunani kuno awewe sama sakali teu ngabogaan kemerdekaan, maranehna di pisahkeun cicingna di tempat anu asing. Bangsa Mongol sama sakali teu mere hak warisan ka kaum awewe.
Al-Quran ternyata entos ngarobah eta kaayaan ku netepkeun hak-hak wanita luyu jeung fitrahna sarta geus ngangkat darajat kaum wanita sadarajat jeung lalaki sapertos tos di gambarkeun ti mimiti ayana Adam jeung Hawa. sakumaha dawuhan Allah S.W.T (QS. Al-Baqarah: 36).
“Setan ngagoda Adam jeung Hawa tuluy ku Allah di usir duanananti surga” -QS. Al-Baqarah: 36-
Ku lantaran Adam jeung Hawa ngalanggar larangan Allah, duanana meunang hukuman di usir ti sorga, ieu jadi bukti yen ti harita hak jeung kawajiban sangsi hukum antara awewe jeung lalaki geus sarua.
Islam geus nyalametkeun kaum awewe tina panguburan hirup-hirup jeung ngangkat darajatna saluhur-luhurna. Dina al quran di gambarkeun kumaha nasib kaum wanita di jaman jahiliyah sakumaha anu di dawuhkeun ku Gusti Allah dina (QS. An-Nahl : 58-59).
“Upama salah sahiji ti maranehna di bere beja pamajikananan geus ngalahirkeun budak awewe, mangka beureum beunget maranehna semu hideung sabab kacida ambekna, tuluy nyumputkeun maneh ti kaum sabab kacida gorengna eta beja, manehna mikir naha eta budak teh di piara bari hina tur era atawa di kubur jero taneuh hirup-hirup, kacida gorengna kaputusan maranehna.” -QS. An-Nahl : 58-59-
Tina kaayaan wanita panghinana di robih saratus dalapan puluh darajat ku islam mangrupa netepkeun kawajiban pikeun muslim sangkan bakti jeung migawe anu hade ka indung bapana, sakumaha dawuhan Allah S.W.T (QS. Lukman : 14).

“Kami wasiat ka manusa sangkan nyieun laku lampah anu hade kanu jadi indung bapana, indungna anu geus ngandung bari susah payah jeung misahkeun susuanana sanggeus dua taun, ku sabab kitu kudu sukur ka Kami jeung ka indung bapa anjeun, tur ka Kami anjeun baris mulang.” -QS. Lukman : 14-

Aya hiji conto anu ngagambarkeun kumaha pandangan islam ka kaum wanita, nepi ka gambarana surga teh aya dina dampal suku indung. Pernah hiji pemuda sumping ka Rosulullah nyungkeun widi bade ngiring jihad fii sabilillah, ku Rosulullah di taros : “Naha anjeun boga keneh indung?” pamuda ngawaler “Gaduh”. Saur Rosulullah : “Jug anjeun gera balik urus sing hade indung anjeun, ku cara kitu anjeun geus jihad fii sabilillah.”
Islam netepkeun dosa gede pikeun jalma anu doraka ti indung bapana, malah hukumanana di buktikeun di dunya keneh. Salajengna hak-hak wanita dina islam teh nyaeta : islam netepkeun yen wanita sarua pada menang bagian warisan luyu jeung tanggung jawabna, wanita sarua meunang pahala upama daek ngamalkeun amal soleh, malahan di janjikeun ku gusti sing saha anu amalna soleh, boh lalaki atawa awewe bari iman tangtu meunang kahirupan anu hade tuluy di ganjar ku ganjaran anu gede.

0 komentar:

Posting Komentar