Minggu, 29 Mei 2016

Dakwah: "Arti Pentingnya Waktu"

Oleh: Muhammad Aziz Taufiqurrahman; X.B
"Arti Pentingnya Waktu"

Hamdalah…
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT anu mana parantos maparinan kasehatan ka urang sadaya sareng parantos masihan keneh yuswa ka urang sadaya anu mana urang masih tiasa keneh talabul di Pasantren Persis 31 Banjaran.
Aya hiji surat dina Al-Qur’an, anu mana surat eta atos teu asing di cepil urang sadaya nyaeta surat Al-‘Ashr (Waktu). Anu hartosna sapertos kieu:
“Demi Masa! Saestuna jalma-jalma aya dina karugian. Kajaba jalma anu beriman ka Alloh SWT jeung jalma anu migawe kahadean jeung marentah kana kahadean jeung mieling ku  cara sabar.”
Tina ayat eta urang bisa metik ibrah nyaeta sakumna jalma aya dina karugian, bade presiden,  bade walikota, lurah, camat, Rt, budak ngora jeung nu lain na kabeh aya dina karugian. Tapi aya jalma anu teu rugi nyaeta jalma anu iman ka Alloh jeung jalma anu migawe ka hadean.
Tina ayat eta oge urang bisa metik ibrah yen waktu teh kacida pentingna, naha? Sabab Alloh SWT parantos nyumpah anu unggelna “Demi Masa!”. Aya naon dina waktu teh?
Saleresna waktu teh kacida pentingna sabab lamun urang teu bisa ngamangfaatkeun waktu urang bisa kaasup jalma anu rugi.
Mung sakieu anu tiasa kapihatur, panutup catur, bobor sapanon, carang sapakan, mugia janten manfaat kanggo urang sadaya. Ditutup bae ku do’a Rabbana aatina Fid dunya hasanah wa fil aakhirati hasanah wa qinaa adzaa ban naari.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

0 komentar:

Posting Komentar